Belajar Mengenali Peralatan Tradisional dalam Bahasa Sunda

17 September 2014 25,824 views No Comment
Advertisement

Sekarang kita kenalan dengan peralatan tradisional dalam bahasa sunda yuuk !!

Pakakas Jaman Baheula ( Perkakas Jaman Dahulu )

image

  1. Imah di pilemburan ayeuna mah geus carang aya imah panggung nu didamelna tina awi. (Rumah di perkampungan sekarang sudah jarang rumah panggung yang dibuat dari bambu).
  2. Ku lantaran geus aya héleran, leungit wé kabiasaan nutu béas di saung lisung téh. (Disebabkan sudah ada mesin huller, jadi hilang kebiasaan menumbuk padi di saung lisung).
  3. Saprak aya listrik, patromak ogé geus tara dipaké deui, komo cempor mah, tapi saprak béaya listrik mahal jelema di lembur balik deui kanu patromak jeung lampu cempor. (Semenjak ada listrik, petromak sudah tidak pernah dipakai lagi. apalagi lampu cempor, tapi semenjak biaya listrik mahal, orang di pedesaan kembali lagi ke petromak dan lampu cempor).
  4. Lamun mandi, teu kudu ka walungan cara baheula, da geus boga kamar mandi sorangan di imah. ( Kalau mandi, ga usah ke sungai seperti dahulu, karena sudah punya kamar mandi sendiri di rumah).
  5. Kiwari mah hawu ogé geus carang, lantaran geus diganti ku kompor, tapi saprak gas élpiji carang aya di pasar, jelema di lembur balik deui kanu hawu. (Saat ini tungku sudah jarang, karena sudah diganti dengan kompor, tapi semenjak gas elpiji jarang ada di pasar, orang di perkampungan kembali lagi ke tungku).
  6. Basa abdi ka lembur, basa peré téa, masih kénéh aya patani nu maké wuluku ngagarap sawahna. ( Waktu saya ke kampung, waktu libur, masih saja ada petani yang memakai wuluku untuk membajak sawah).

Catatan Urang (Catatan Kita)

Imah Panggung        = imah nu siga panggung sandiwara, nu tiangna jangkung sareng antara alas imah jeung taneuh téh anggang.       (Rumah yang dibuat seperti panggung sandiwara, tiangnya tinggi, antara alas rumah dan tanah ada jarak).

Heleran                      = pakakas modern paranti ngaberesihan béas tina asalna paré. (Peralatan modern untuk membersihkan beras yang asalnya gabah).

Saung lisung              = pakakas tradisional paranti ngaberesihan béas tina asalna paré.(Peralatan tradisional untuk membersihkan beras yang asalnya gabah).

Patromak                   = lampu minyak tanah nu caangna lila. (Lampu minyak tanah yang menyala terang cukup lama).

Cempor                      = lampu minyak nu dijieuna sederhana masih maké sumbu kompor. (Lampu minyak yang dibuat sederhana masih memakai sumbu kompor).

Hawu                         = tempat paranti masak nu maké tutuwuhan garing keur jadi sumbuna. (Tempat memasak yang bahan bakarnya kayu/ranting-ranting pohon).

Wuluku                     = parabot paranti ngagarap sawah anu rék dipelakan.(Peralatan tradisional untuk membajak sawah).

Lisung                        = paranti nutu paré, wangunna panjang siga parahu ngan leutik nutuna maké  halu. (Peralatan untuk menumbuk padi, bentuknya panjang seperti perahu namun kecil, menumbuknya pun memakai alat dari kayu bernama “halu” dalam bahasa Sunda).

 

Aneh-aneh kan istilahnya, tapi sohib-sohib yang ingin belajar bahasa sunda sudah bisa nambah ilmunya.

Tetap semangat untuk belajar terus ya…

Related posts:

  1. Contoh Belajar Wawancara dalam Bahasa Sunda
  2. Pilihan Mudah Belajar Bahasa Sunda
  3. Metode Alternative Belajar Bahasa Sunda
  4. beberapa hal yang harus anda ketahui dalam belajar Bahasa Sunda
  5. Kata ulang dalam bahasa sunda
Belajar Mengenali Peralatan Tradisional dalam Bahasa Sunda | mega | 4.5

Tinggalkan Pesan!

Silahkan tinggalkan komentar atau pesan anda...